SD NEGERI SELAJAMBE 01 SUKALUYU CIANJUR: DOWNLOAD KAWIH SUNDA CINTA NUSA / GANTI TAUN MP3
"Selamat Datang di SDN SELAJAMBE 1 Kecamatan Sukaluyu Kabupaten Cianjur Provinsi Jawa Barat"

Minggu, 02 Februari 2014

DOWNLOAD KAWIH SUNDA CINTA NUSA / GANTI TAUN MP3


 CINTA NUSA (Lirik)
CIPT: MANG KOKO

Indonesia gemah ripah loh jinawi,
alam endah hejo lembok sugih mukti,
subur tutuwuhan, beunghar pepelakan
daun hejo ngemploh, karaharjan lemah cai.
Kakayon tumuwuh subur pajangkung-jangkung,
petetan ngawujud sirung pagulung-gulung,
piraku rek rela - piraku rek tega,
alam nu ngemploh hejo sinarengan ngarangrangan,
teu kariksa,.... "

Download Cinta Nusa mp3 KLIK TO DOWNLOAD




GANTI TAUN (Lirik)

Ganti taun muga mawa kamajuan
Ganti taun ngawujud karaharjaan
Patani sing mukti babakti gumati
ngolah tanah laluasa
Patani di sisi sing sepi karisi
Ayem tengtrem lalugina
Ganti taun patani kasinugrahan
Ganti taun ngawujud karaharjaan
Ganti taun muga mawa kamajuan
Ganti taun ngawujud karaharjaan
Padagang sarenang
Pantrang gede hutang
Babakti tur mawa siri
Padagang marukti
Kuat ekonomi
Karaharjaan lemah cai
Ganti taun kama'muran sing ngabukti
Ganti taun sarerea suka ati

Ganti taun muga mawa kamajuan
Ganti taun ngawujud karaharjaan
Padagang sarenang
Pantrang gede hutang
Babakti ka nagarana
Padagang marukti
Kuat ekonomi
Nagara jembar raharja
Ganti taun kama'muran sing ngabukti
Ganti taun sarerea suka ati
 
Download Ganti Taun MP3 & 3gp KLIK TO DOWNLOAD

Tidak ada komentar:

Posting Komentar